Sabtu, 27 Juli 2013

Pepeling Hirup

Mmh, Baheula urang dijajah ku Belanda 350 tahun, tuluy ku Jepang, naha ayeuna loba dijajah ku bangsa sorangan, ku nafsuna, jadi jalma teu kaopan teu payaan.

 
Dina saban-saban robah mangsa, ilang bulan, ganti wanci, gurunyung taun sok mineng kabandungan kahayang manusa patema-tema karep hanteu reureuh-reureuh, anging kadar PAngeran anu bakal karasa jeung karandapan ku urang sadaya. Sakapeung mah sok aral ku ayana romantika kahirupan, sabab rebuan bahkan jutaan kajadian teh eta teh nu kadenge kana ceuli urang. Tah beuki ebreh we urang mah harti dunya teh iye, Naha iye anu rek dipibeurat ku urang teh?? Sedengkeun hiji waktu urang bakal pinaggih jeung poe akhir, anu ngandung harti poe pamungkas raga ditinggalkeun nyawa maot pingaraneunana. Lamun difikir-fikir urang teh asli lain penduduk Indonesia, sanajan ngaku penduk didieu padahal urang teh asli penduduk akhirat, jadi bakal mulang ka asalna, ciri na naon?? iye wujud ditungtut ku waktu, awak diala mangsa, diri diciwitan wanci. Hartina hiji waktu mah bakal maot, sing eling kadinya.

0 komentar:

Posting Komentar